Khutbah Jumat PDF Kasampurnaan Puasa Numutkeun Imam Al-Ghazali (Bahasa Sunda)

ilustrasi bulan ramadhan kareem
Ilustrasi Bulan Ramadhan Kareem

Urang kedah emut, yen saenya-enyana paningali eta teh salah sahiji panah Iblis, sakumaha dawuhan Rosululloh saw.

   اَلنَّظْرَةُ سَهْمٌ مَسْمُوْمٌ مِنْ سِهَامِ إِبْلِيْسَ لَعَنَهُ اللهُ فَمَنْ تَرَكَهَا خَوْفاً مِنَ اللهِ أَتَاهُ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ إِيْمَانًا يَجِدُ حَلَاوَتَهُ فِي قَلْبِهِ  

Bacaan Lainnya

Hartosna, “Ari paningali eta teh salah sahiji panah anu ngandung racun milik Iblis anu dikutuk ku Alloh. Sing saha-saha anu ninggalkeunnana karana sieun ka Gusti Allah, maka Anjeuna bakal ngadatangkeun kaimanan ka manehna sahingga bakal kenging amisna kaimanan dina hatena.” (HR. Al-Hakim).  

Malihan dina hadis anu sanesna, Kangjeng Rosul ngadawuh, yen paningali teh kalebet salah sahiji anu matak ngabatalkeun pahala jeung ganjaran puasa, sakumaha riwayat Jabir ti sahabat Anas.

   خَمْسٌ يُفْطِرْنَ الصَّائِمَ اَلْكَذِبُ وَالْغِيْبَةُ وَالنَّمِيْمَةُ وَالْيَمِيْنُ الْكَاذِبَةُ وَالنَّظْرُ بِشَهْوَةٍ    

Hartosna, ”Aya lima perkara anu ngabatalkeun ganjaran puasa hiji jalma: ngabohong, ngupat, ngadu domba, sumpah palsu, jeung ningali perkara anu dibarengan ku syahwat.”   

Ku sabab kitu, hayu urang sami-sami jaga tur raksa paningali urang tina perkara-perkara anu teu sae, terutama perkara anu teu dihalalkeun ku Alloh. Malah mandar ngalangkungan puasa ieu urang dugi kana tingkatan takwa anu saenya-enyana. 

Kadua, ngajaga lisan tina ngucapkeun cariosan anu sia-sia, sumawona lamun ngabohong, ngupat, ngadu domba, ucapan kotor, ucapan anu matak meupeuskeun hubungan, matak nimbulkeun papaseaan, oge ucapan-ucapan anu ngandung riya, harti amal hayang katingal ku batur. 

Tibatan ngalakukeun kitu, leuwih hade cicing jeung eling ka Gusti Allah, atanapi ngaos ayat-ayat suci Al-Quran. Eta saleresna anu dimaksud puasa lisan.

Sufyan Ats-Tsauri kantos ngadawuh, ari ngupat teh matak ngaruksak ganjaran puasa. Saterasna Laits oge kantos ngariwayatkeun, aya dua hal anu ngaruksak puasa, nyaeta ngupat jeung ngabohong.  

Dina hal ieu, Rosululloh saw. parantos ngadawuh:

   إِنَّمَا الصَّوْمُ جُنَّةٌ فَإِذَا كَانَ أَحَدُكُمْ صَائِماً فَلَا يَرْفَثْ وَلَا يَجْهَلْ وَإِنِ امْرُؤٌ قَاتَلَهُ أَوْ شَاتَمَهُ فَلْيَقُلْ إِنِّي صَائِمٌ إِنِّي صَائِمٌ   

Hartosna, “Ari puasa teh nyaeta tameng. Ku hal sakitu, sing saha-saha di antara aranjeun anu puasa, maka ulah rek migawe perkara keji jeung jahil. Lamun aya jalma anu merangan manehna atawa nyaci dirina, pek ucapkeun, “Kuring keur puasa, kuring keur puasa,”

Dicarioskeun, di zaman Kangjeng Rosul, Aya dua istri anu dipiwarang ngutahkeun kadaharan anu tos dituang ku aranjeuna. Aris tos dipiwarang kitu, eta dua istri teh ngautahkeun darah seger sareng daging atah dugika setengah wadah. Ningal kaayaan kitu, jalma-jalma anu nyaksian ngaraos heran. Rosululloh ngajelaskeun:

        هَتَانِ صَامَتَا عَمَّا أَحَلَّ اللهُ لَهُمَا وَأَفْطَرَتَا عَلَى مَا حَرَّمَ اللهُ تَعَالَى عَلَيْهِمَا قَعَدَتْ إِحْدَاهُمَا إِلَى الْأُخْرَى فَجَعَلَتَا يَغْتَابَانِ النَّاسَ فَهَذَا مَا أَكَلَتَا مِنْ لُحُوْمِهِمْ

Hartosna, “Dua awewe eta teh puasa tina perkara anu tos dihalalkeun ku Alloh, ngan buka ku perkara anu tos diharamkan ku Alloh. Duanana ngumpul ngupat jalmi anu sanes. Sareng utah anu dikaluarkeun nana eta teh daging jalma-jalma anu diupatna,” (HR. Ahmad).

Katilu, nahan cepil urang tina ngadangukeun ucapan-ucapan anu dibendu. Sabab, tiap-tiap perkara anu haram diucapkeun, haram didangukeun. Matak, Alloh swt. nyamikeun dosa jalma anu ngadangukeun cariosan anu haram sareng dosa jalma anu ngadahar katuangan haram.

Dina Al-Quran Allah parantos ngadawuh, “Maranehna nyaeta jalma-jalma anu resep ngadangukeun berita bohong, sareng seueur ngadahar katuangan anu haram,” (Q.S. Al-Ma’idah [5]: 42).

Ku hal sakitu, ngadangukeun jalma anu nuju ngagibah atanapi ngupat kalebet oge padamelan anu haram.  

Ditegeskeun ku Kangjeng Rosul dina hadisna:

   اَلْمُغْتَابُ وَالْمُسْتَمِعُ شَرِيْكَانِ فِي الْإِثْمِ

Hartosna, “Jalma anu ngagibah sareng anu ngadangukeunnana eta sami-sami dina dosana.” (HR. Ath-Thabrani). 

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait