قُلْ لَنْ يُصِيْبَنَا إلاَّ مَا كَتَبَ اللهُ لَنَا هُوَ مَوْلاَنَا وَعَلَى اللهِ فَلْيَتَوَكَّلِ اْلمُؤْمِنُوْنَ
Hartosna, “Dugikeun (Muhammad): Sama sakali moal nimpa kaula salian ti perkara anu tos ditetepkeun ku Alloh ka kaula. Anjeunna nu nangtayungan kaula, jeung ukur ka Allah jalma-jalma anu iman kudu tawakal.”
Dina ayat neme, Alloh ngajelaskeun yen satiap kajadian tos digariskeun ku Alloh. Sahingga ukur ka Alloh, urang nyuhunkeun perlindungan.
Pertarosannana naha Alloh nimpakeun bencana ka hamba-Na? Kalebet ka hamba-Na anu ariman? Kunaon teu nimpakeun musibah ka jalma kafir atanapi jalma anu teu iman? Jawabannana sabab di balik musibah anu terjadi aya hikmah sareng pelajaran anu kalintang ageungna.
Ku hal sakitu, dulur-dulur urang anu katimpa musibah tur masih salamet mugi sing dipaparin kasobaran oge sing tiasa metik pelajaran tina eta musibah. Nyakitu deui urang anu teu keuna ku musibah kedah bersyukur sareng sing tiasa metik pelajaran tina musibah nu tumiba ka dulur-dulur urang.
Urang sing ngarasa untung masih dipasihan kasempatan keur ngomean diri sareng amal ibadah kanu Kawasa. Atuh dulur-dulur urang anu ngantunkeun ku akibat musibah, urang doakeun mugia aranjeunna sing husnul khotimah, kalebet maot anu syahid, tur aya dina ridona Alloh swt. Amin ya robbal alamin.
Hadirin rohimakumulloh
Urang terkadang mandang musibah teh hiji perkara anu goreng, pikasediheun, jeung nyangsarakeun. Padahal mah seueur hikmah jeung kahadean di satukangeun eta musibah.
Di antawisna, kahiji musibah teh jadi ujian kaimanan jeung kasabaran hiji hamba. Jadi urang ulah waka ngaku jadi jalma anu iman samemeh dipaparin ujian. Hal itu saluyu jeung katerangan ayat:
أَحَسِبَ النَّاسُ أَنْ يُتْرَكُوا أَنْ يَقُولُوا آمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُونَ، وَلَقَدْ فَتَنَّا الَّذِينَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَلَيَعْلَمَنَّ اللَّهُ الَّذِينَ صَدَقُوا وَلَيَعْلَمَنَّ الْكَاذِبِينَ
Hartosna, “Naha manusa ngira yen maranehna diantep ngucapkeun ‘Kaula geus iman’, sedengkeun maranehna teu diuji.” (QS. Al-‘Ankabut [29]: 2-3).
Ayat ieu ngisyaratkeun yen ujian mangrupakeun kaniscayaan keur jalma-jalma anu ariman. Sahingga, teu heran keur jalma anu geus apal kana hakekat musibah, musibah teh bakal jadi perkara anu berharga keur nganelan kasabaran, kayakinan, jeung kaimanan ka Alloh swt.
Kadua, musibah teh wujud kanyaah sareng kadeudeuh Alloh. Teu seueur nu uninga yen musibah teh cara Alloh keur mikanyaah hamba-Na. Hal ieu saluyu jeung salah sawios pidawuh Kangjeng Rosul:
مَنْ يُرِدِ اللّٰهُ بِهِ خَيْرًا يُصِبْ مِنْهُ
Hartosna, “Sing saha jalma anu diirodah kenging kahadean, maka anjeuna sok ditimpa ku musibah,” (HR. al-Bukhari).
Hadirin rohimakumulloh
BACA HALAMAN BERIKUTNYA..