KHUTBAH I
الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِي أَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعَمٍ لَا تُحْصَى، وَسُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ مُحَمَّدٍ صَلَّى اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الْأَقْصَى، وَعَرَّجَ بِهِ بِصُحْبَةِ جِبْرِيلَ الْأَمِينِ إِلَى السَّمَاوَاتِ الْعُلَى. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ ذُو الْأَسْمَاءِ الْحُسْنَى، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ الْهُدَى
اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ نُجُوْمِ الدُّجَى، وَالتَّابِعِينَ وَتَابِعِيهِمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْجَزَاءِ الْكُبْرَى
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُونَ رَحِمَكُمُ اللّٰهُ، اِتَّقُوا اللّٰهَ تَعَالَى حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. قَالَ اللّٰهُ تَعَالَى: اُتْلُ مَا أُوْحِيَ إِلَيْكَ مِنَ الْكِتَابِ وَأَقِمِ الصَّلٰوةَ ۗ إِنَّ الصَّلٰوةَ تَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ ۗ وَلَذِكْرُ اللّٰهِ أَكْبَرُ ۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُونَ
Ma’asyiral muslimin, jamaah Jumat rahimakumullah,
Alhamdulillah, sagala puji ngan kagungan Allah SWT anu salawasna maparin ni’mat iman, Islam, katut kaséhatan ka urang sadaya. Mugia shalawat katut salam salawasna ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, sarta ka sadaya umatna dugi ka ahir jaman.
Dina ieu kasempetan, khatib ngondang ka sadaya jamaah, hususna ka diri khatib pribadi, sangkan urang sadaya salawasna ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT kalayan takwa nu sajatina, nya éta ku ngalaksanakeun sadaya parentah-Na sarta ngajauhan sakumna larangan-Na. Katakwaan éta mangrupa bekel hirup anu pangsaéna, anu bakal nyalametkeun urang boh di dunya boh di ahérat. Allah SWT ngadawuh:
وَتَزَوَّدُوْا فَاِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوٰىۖ وَاتَّقُوْنِ يٰٓاُولِى الْاَلْبَابِ
Artosna: “Maraneh kudu nyiapkeun bekel, sabab saenyana bekel nu pangalusna téh takwa. Sing takwa ka Kami, heh jalma-jalma nu boga akal.” (QS. Al-Baqarah: 197)
Ma’asyiral muslimin, jamaah Jumat rahimakumullah,
Alhamdulillah, Allah SWT maparin kasempetan deui ka urang sadaya pikeun papanggih jeung bulan Rajab, salah sahiji bulan haram anu kacida dimulyakeunana. Bulan Rajab ngingetkeun urang kana kajadian agung Isra’ Mi’raj, nalika diwajibkeunana shalat lima waktu minangka tihang agama, sarta minangka amalan anu pangheulana bakal dihisab engké. Nanging, kedah urang sadar yén shalat henteu cekap upami ngan saukur dilaksanakeun sacara ritual wungkul, tapi kedah méré pangaruh kana ningkatna katakwaan sarta kapedulian sosial.
Shalat anu leres bakal nyegah tina lampah keji jeung munkar, ngagedékeun rasa empati, sarta ngadorong urang sangkan daék paduli jeung mangpaat pikeun sasama. Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur’an surat Al-‘Ankabut ayat 45:
اُتْلُ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنَ الْكِتٰبِ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَۗ اِنَّ الصَّلٰوةَ تَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِۗ وَلَذِكْرُ اللّٰهِ اَكْبَرُۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ ٤٥
Artosna:“Maca kitab (Al-Qur’an) nu geus diwahyukeun ka maneh, sarta dirikeun shalat. Saenyana shalat téh nyegah tina lampah keji jeung munkar. Jeung émut ka Allah téh leuwih gedé (utamana). Allah uninga kana naon baé nu maraneh pigawé.”
Tina ieu ayat, urang tiasa ngartos yén shalat henteu ngan ukur miboga diménsi hubungan jeung Allah (ḥablun minallah) wungkul, tapi ogé miboga diménsi hubungan jeung sasama manusa (ḥablun minannas).
Shalat anu leres tur henteu eureun dina gerak jeung bacaan wungkul, kedah mampuh nyegah tina lampah keji jeung munkar. Hartina, kualitas shalat hiji jalma kaciri tina sikep jeung paripolah sosialna.
Shalat anu hirup tur miboga makna bakal ngalahirkeun kateuasan nurani, rasa empati, sarta kapedulian kana kasangsaraan batur. Lamun shalat ngan saukur jadi rutinitas tanpa pangaruh sosial, mangka hakékat ibadah éta pantes pikeun direnungkeun deui.
Ku kituna, di dieu bulan Rajab ngajarkeun ka urang ngeunaan kasaimbangan antara ibadah pribadi jeung tanggung jawab sosial. Sumanget ngadeukeutan diri ka Allah kedah sajalan jeung sumanget nulungan sasama.
Kapedulian sosial tiasa diwujudkeun ku rupa-rupa cara, saperti masihan sedekah ka fakir miskin, mantuan tatangga anu keur kasusah, miara lingkungan, nepi ka sikep santun jeung adil dina pasulayan sosial. Sadaya éta mangrupa cerminan tina shalat anu ngahasilkeun kahadéan.
Leuwih-leuwih dina kaayaan ayeuna, nalika loba dulur-dulur urang anu katarajang musibah bencana alam. Maranéhna kacida ngabutuhkeunana kana bantuan urang sadaya.
Upami hate urang teu kagugah pikeun mantuan maranéhna, bisa jadi aya nu kirang leres dina shalat urang. Bisa jadi urang kaasup jalma anu lalawora, sarta shalat anu urang lakukeun ngan saukur pikeun ngagugurkeun kawajiban, tanpa pangaruh kana pribadina urang.
Allah SWT parantos ngingetan urang dina Al-Qur’an surat Al-Ma’un ayat 4–7:
فَوَيْلٌ لِّلْمُصَلِّيْنَۙ (٤) الَّذِيْنَ هُمْ عَنْ صَلَاتِهِمْ سَاهُوْنَۙ (٥) الَّذِيْنَ هُمْ يُرَاۤءُوْنَۙ (٦) وَيَمْنَعُوْنَ الْمَاعُوْنَ (٧)
Artosna:“Cilaka jalma-jalma nu shalat, nya éta jalma nu lalawora kana shalatna, nu hayang dipuji ku batur, jeung nu teu daék méré bantuan.”
Ma’asyiral muslimin, jamaah Jumat rahimakumullah,
Bulan Rajab janten waktos anu luyu pikeun urang ngabersihan hate tina sikep egois jeung individualistis. Dina kahirupan modéren anu pinuh ku pasanggiri sarta gerak gancang sapertos ayeuna, kapedulian sosial mindeng kaliis. Padahal, Islam ngajarkeun yén jalma anu pangsaéna nyaéta jalma anu pangmangpaatna pikeun batur.
Rasulullah SAW ngadawuh:
خَيْرُ النَّاسِ أَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ
Artosna: “Jalma nu pangalusna téh jalma nu pangmangpaatna pikeun jalma séjén.” (HR. Ahmad)
Shalat anu urang dirikeun unggal poé saenyana mangrupa panginget sangkan urang henteu nutup panon kana kanyataan sosial di sabudeureun urang. Ku kituna, bulan Rajab, shalat, jeung kapedulian sosial téh mangrupakeun hiji kasatuan anu teu tiasa dipisahkeun.
Rajab ngingetkeun kana sajarah spiritual umat Islam, shalat ngabentuk kapribadian jeung katakwaan, sedengkeun kapedulian sosial jadi bukti nyata tina kaimanan éta.
Ngaharepkeun datangna bulan-bulan mulya salajengna, hayu urang jadikeun bulan Rajab minangka titik awal pikeun ningkatkeun kualitas shalat, sakaligus ngukuhkeun komitmen pikeun janten pribadi anu paduli, mangpaat, sarta mawa rahmat pikeun sasama.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هٰذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللّٰهَ لِيْ وَلَكُمْ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ ثُمَّ الْحَمْدُ لِلّٰهِ. أَشْهَدُ أنْ لآ إلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِيْ لَا نَبِيّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ القِيَامَةِ. أَمَّا بَعْدُ
فَيَا أَيُّهَا النَّاسُ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: إِنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يٰأَ يُّها الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ، اَلْأَحْياءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتَنِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا إِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ بُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عامَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. اللَّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَأَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَاَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ
عٍبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Silakan bergabung dengan kami di Grup Telegram, Wa, atau Facebook untuk mendapatkan materi terbaru dari KHUTBAHSINGKAT.com Klik GABUNG SEKARANG Wa.0812-4436-5554





