Khutbah Jumat Bahasa Sunda PDF: Pangorbanan Jeung Parobahan

Ilustrasi Peristiwa Hijrah Nabi Muhammad SAW
Ilustrasi Peristiwa Hijrah Nabi Muhammad SAW

Contoh teks Khutbah kali ini mengangkat tema Makna Hijrah, Pengorbanan dan Perubahan yang disajikan dalam bahasa Sunda. Khutbah singkat bahasa sunda ini diterjemahkan ke dalam bahasa Sunda oleh Dewan Masjid Digital Indonesia (DMDI).

Materi ini cocok dibawakan di bulan Muharram yang bertepatan pada hari kemerdekaan HUT RI ke-76.

Bacaan Lainnya

Download contoh naskah khutbah PDF terbaru pada menu bagian paling bawah. Semoga bermanfaat

KHUTBAH PERTAMA

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا

مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,

أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.

 وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.

 اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،

 أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.

قَالَ اللهُ تَعَالَى :

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

وَالَّذِينَ هَاجَرُوا فِي سَبِيلِ اللَّهِ ثُمَّ قُتِلُوا أَوْ مَاتُوا لَيَرْزُقَنَّهُمُ اللَّهُ رِزْقًا حَسَنًا وَإِنَّ اللَّهَ لَهُوَ خَيْرُ الرَّازِقِينَ

 (QS al-Hajj [22]: 58)

Alhamdulillah, sagala puji ngan kagungan Alloh, Dzat Anu Nyiptakeun Alam Samesta, Pamilik urang sadaya, manusa katut sakabéh pangeusi dunya. Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahcurahkeun ku Alloh ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wasallam. Teu hilap ka kulawargina para sohabatna tabi’ut tabi’in sareng sadaya ummatna dugika Yaumil Kiyamah.

Prak geura takwa aranjeun ka Alloh kalawan takwa anu sabener-benerna, kumaha baé kondisi anjeun sadaya. Dina kaayaan lapang atawa rupek. Dina kaayaan bungah atawa susah. Keur kumaha baé sarta dimana baé anjeun ayana. Nalika keur sorangan atawa babarengan jeung manusa anu lianna. Ingetkeun, takwa téh nyaéta bekel anu panghadéna pikeun saurang Mu’min.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Bieu pisan urang sadaya ninggalkeun taun 1442 H. Sababaraha poé katukang urang sadayana atos lebet dina taun anu anyar 1443 H. Rarasaan urang asana can bisa leupas tina suasana anu pinuh kasedih, leuwih ti sataun lilana kusabab pandemi Corona. Krisis ékonomi nambahan bangbaluh kahirupan beuki tambah beurat. Kaadilan saperti ngajul béntang ku asiwung. Islam dinistakeun. Umat anu boga kahayang balik kana ajaran Islam dituduh radikal jeung intoléran.

Ieu musibah sarta bencana dihareupeun panon urang, akibat aturan kufur ngawasa di dunya. Aturan Alloh subhanahu wa ta’ala disingkirkeun jeung digantikeun ku aturan produk hawa nafsu manusa. Ieu ngingetan ka urang kana kondisi anu sarua saméméh hijrah Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ti Mekah ka Madinah. Maranéhna, jalma-jalma kafir, nolak kalawan goréng kana ajaran Islam. Ngaheureuykeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Padahal mah, Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam téh nyaéta manusa panghadéna di Mekah waktu harita, ngan pédah mawa ajaran anu patukang tonggong jeung kayakinan maranéhna.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Hijrah téh nyaéta kajadian agung dina sajarah peradaban Islam. Ieu pisan kunaon hijrah sapuk dijadikeun awal pananggalan kalénder Hijrah ku usulan ti Kholifah Umar bin al-Khoththob rodhiyallohu ‘anhu.

Hijrah téh ngajadi patokan tanjeurna Islam di luhureun ieu bumi. Ngaliwatan hijrah, Islam ngajanggélék jadi kakuatan tohaga anu ngawalatrakeun rohmat ka sakabéh alam. Béda jeung saméméhna, salila 13 taun di Mekah, da’wah Islam dipinuhan ku kasusahan,  leuwih ti kitu da’wah téh buntu. Hinaan nepika panganiayaan dialaman ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam jeung para sohabat. Hal ieu anu pernah mangaruhan jiwa Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam kacida sedihna nepika turun ayat anu ngahibur Anjeuna:

وَلَقَدْ كُذِّبَتْ رُسُلٌ مِنْ قَبْلِكَ فَصَبَرُوا عَلَى مَا كُذِّبُوا وَأُوذُوا حَتَّى أَتَاهُمْ نَصْرُنَا وَلَا مُبَدِّلَ لِكَلِمَاتِ اللَّهِ وَلَقَدْ جَاءَكَ مِنْ نَبَإِ الْمُرْسَلِينَ

“Saéstuna geus dibohongkeun ogé para Rosul saméméh anjeun. Tuluy manéhna sabar tina kabohongan jeung panganiayaan (anu dilakukeun) ka maranéhna nepika datang pitulung Alloh ka maranéhna. Teu aya saurang ogé anu bisa ngarobah kalimat-kalimat (jangji-jangji) Alloh. Saéstuna geus datang ka anjeun sabagéan tina béja para Rosul éta”. (TQS al-An’am [6]: 34).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Hijrah téh nyaéta pangorbanan. Salian ti kudu ngajugjug perjalanan anu beurat kalawan jarak leuwih ti 400 km, kaom Muslim nyanghareupan dua ujian dina ieu hijrah.

Kahiji: Ujian kaimanan. Manéhna kudu ninggalkeun nagri asal maranéhna, harta banda, imah, nepika kulawarga maranéhna. Maranéhna pindah ka nagri anu didinya téh teu aya karib karabat. Maranéhna ogé teu diijangjikeun bakal dibéré imah anyar atawa pakasaban anyar anu jadi ganti harta anu ku maranéhna ditinggalkeun. Ngan hiji modalna anu utama nyaéta kayakinan datangna pitulung Allah subhanahu wa ta’ala maranéhna hijrah. Alloh subhanahu wa ta’ala ogé méré pujian jeung ganjaran anu gedé ka kaom Muhajirin.

وَالَّذِينَ هَاجَرُوا فِي سَبِيلِ اللَّهِ ثُمَّ قُتِلُوا أَوْ مَاتُوا لَيَرْزُقَنَّهُمُ اللَّهُ رِزْقًا حَسَنًا وَإِنَّ اللَّهَ لَهُوَ خَيْرُ الرَّازِقِينَ

“Jalma-jalma anu hijrah di jalan Alloh, tuluy maranéhna dibunuh atawa maot, bener-bener Alloh bakal méré ka maranéhna rizki anu baik (surga). Saéstuna Alloh nyaéta panghadé-hadéna Anu Maparin Rizki”. (TQS al-Hajj [22]: 58).

Anu kadua, kaom Muslim anu ngalakukeun hijrah nyanghareupan ujian pangorbanan jeung tangtangan ti kaomna. Zainab binti Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, contona. Anjeuna kudu ridlo papisah jeung carogéna, Abu al-Ash bin Robi, anu masih musyrik sarta nolak milu hijrah. Kulawarga carogéna ogé nyegat Zainab anu keur hamil opat bulan nepika anjeuna ragrag sarta ngalaman kaguguran. Saenggeus damang tina tatuna, Zainab indit deui angkat hijrah ninggalkeun carogéna.

Sohabat anu lian, Suhaib bin ar-Rumiy rodhiyallohu ‘anhu, ngorbankeun harta anu ku manéhna dibawa ti imahna pikeun dibikeun ka kaom musyrik anu nyegat dirina di tengah perjalanan tinimbang manéhna kudu balik deui ka Mekkah.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Hijrah Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ka Madinah lain ngan sakadar kusabab mantena hayang ngahindar tina rupa-rupa kasusah demi kasusah anu ngahalangan da’wah di Mekkah. Lain kusabab hal éta. Tapi, anjeuna sadar yén masyarakat Mekkah ngabogaan pikiran déét, cupet, jeung resep aya dina kasasaran. Kusabab kitu Anjeuna ningali yén da’wah téh kudu dipindahkeun tina kondisi masyarakat saperti kitu kana kondisi masyarakat anu kondusif sarta siap narima Islam sagemblengna.

Alloh subhanahu wa ta’ala tuluy méré pertulungan ku datangna jalma-jalma ti suku Aus jeung Khozroj ti Yatsrib (Madinah). Dua kabilah ieu geus pada apal ksna kakuatanana kusabab biasa ngalakukeun perang. Nagri maranéhna ogé ngabogaan posisi géostratégis anu luar biasa. Aya dina jalur perdagangan antara Mekkah jeung Syam.

Di Madinah, Rosululloh suksés ngawangun nagara Islam pangheulana di dunya. Ngahijikeun sakabéh suku sarta ngabeungkeut ku perjanjian jeung kaom musyrik ku Piagam Madinah. Jeung deui, di Madinah Rosululloh shollallahu ‘alaihi wa sallam ngajalankeun syaré’at Islam kalawan kaffah dina struktur pamaréntahanana. Nyebarkeun Islam ka sakabéh wilayah jazirah Arab ku da’wah jeung jihad fi sabilillah.

Ieu pisan anu disebut hijrah. Kajadian anu méré katuladanan sarta pangajaran penting.  Geuningan parobahan masyarakat dina wangunan anu pinuh rohmat jeung kaadilan teu mungkin ngawujud henteu ku Islam sarta teu maké pangorbanan. Ingetkeun, kameunangan jeung parobahan anu gedé bisa ngawujud kusabab Islam sarta ayana pangorbanan anu gedé di jalan Alloh.

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

KHUTBAH KEDUA

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.

 عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Icon Download Khutbah Singkat Png

Pos terkait