Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda PDF: Nunjukkeun Bukti Kaimanan Diri

Patali sareng bukti kaimanan anu pang handapna, Kangjeng Rosul ﷺ parantos nyarioskeun, aya hiji pameget anu dilebetkeun ka surga ku Alloh ku sabab nyingkirkeun dahan kayu cucukan di jalan anu sok dilangkungan ku jalma jalma seueur.

Hadits anu nyarioskeunnana nyaeta:

Bacaan Lainnya

      مَرَّ رَجُلٌ بِغُصْنِ شَجَرَةٍ عَلَى ظَهْرِ طَرِيقٍ، فَقَالَ: وَاللهِ لَأُنَحِّيَنَّ هَذَا عَنِ الْمُسْلِمِينَ لَا يُؤْذِيهِمْ فَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ  

Hartosna, “Dicarioskeun aya hiji pameget anu ngalangkungan dahan tangkal di tengah jalan. Anjeuna teras sasauran, ‘Demi Allah, kaula bakal nyingkirkeun ieu dahan supaya teu ngahalangan jalma-jalma Muslim.’ Berkat eta amal, anjeunna dilebetkeun ka surga,” (HR. Muslim)

Sidang Jum’ah anu dimulyakeun ku Alloh Ngalangkungan hadits anu neme, urang sadayana uninga yen eta pameget teh tos midamel hiji amal sanaos alit, tapi berkat eta amal, anjeunna dibales ku Alloh ku balesan anu ageung tur istimewa. Kalintang ageung sareng jembarna rohmat kurnia Alloh. Pantesan Kangjeng Rosul ngemutan, “Singkirkeun cucuk ti jalan jalma-jalma Muslim.” Kitu sakumaha pidawuhna dina riwayat Muslim. 

Nanging sagigireun ti eta, Kangjeng Rosul ngemutan urang sadayana supados ulah nganganggu sumawona lamun nyilakakeun sasama muslim, sakumaha dawuhannana:

    مَنْ ضَارَّ ، ضَارَّ اللّٰهُ بِهِ، وَمَنْ شَاقَّ ، شَقَّ اللّٰهُ عَلَيْهِ  

Hartosna, “Sing saha jalma anu ngabahayakeun (jalma sejen), maka Alloh bakal nimpakeun bahaya ka manehna. Oge sing saha jalma anu ngabeuratkeun jalma sejen, maka Alloh bakal nimpakeun kasusahan ka manehna,” (HR. Abu Dawud).

Oge masih sueuer deui kisah oge riwayat anu sarupi anu nyirioskeun perkawis ieu, sapertos kisah anu dialaman ku Sahabat Umar bin Khathab anu kenging ridho Alloh ku sabab ngaleupaskeun manuk anu dicepeng ku budak leutik.   

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait