Salajengna, aya carios Imam Al-Ghazali anu ngengingkeun ridho Alloh ku sabab ngarasa nyaah kana laleur anu nginum tinta anu bade dianggo nyerat.
Malahan, aya oge lalakon hiji istri tukang serong anu kenging panghampura Alloh ku sabab amalna masihan cai nginum ka anjing anu keur hanaang. Oge masih seueur pisan lalakon sanesna.
Intina, sadayana nunjukkeun kalintang mulyana jalmi Muslim anu mengamalkan kasaean salami didadasaran ku kaimanan ka Alloh. Sahingga tos sepantesna, urang sadayana nyebar kasaean sanajan alit jeung teu sapira.
Sing emut yen sakumaha alitna amal kasaean, bakal katingal jaga di payuneun Alloh, sakumaha eusi dina suroh az-Zalzalah ayat 7-8.
فَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ ، وَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ
Hartosna, “Sing saha jalma anu midamel kasaean sanajan sagede siki sasawi, maka manehna jaga bakal ningal eta kasaean. Nyakitu, jalmi anu midamel kaawonan, sanajan sagede siki sasawi, maka anjeunna bakal ningal eta kaawonan.”
Cindekna, tibatan ngaganggu sareng nyusahkeun batur, urang kedah ngagampangkeun urusan batur. Jeung tibatan ngotoran jalan jalan, sahadena urang ngajaga kabersihan. Sabab, eta pisan anu diajarkeun ku Kangjeng Rosul ﷺ.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Tina bahasan hadits di luhur, ku urang tiasa ditarik kasimpulan sareng sababaraha atikan anu sae keur urang, di antarana:
- Bukti keimanan pang luhurna teh nyaeta ngucapkeun kalimah tauhid Lailahaillallah, sedengkeun bukti pang ringanna nyaeta nyingkirkeun cucuk di jalan.
- Kalintang ageungna keutamaan amal hade sanajan ngan ukur nyingkirkeun cucuk atanapi runtah di jalan.
- Kalintang jembarna rohmat Alloh oge kalintang agungna balasen Mantenna. Mantenna teu kagok maparin balesan surga ka hamba-Na anu takwa tur getol migawe kasaean. Sanajan eta kasaean teh alit jeung teu pira.
- Hanjakalna, masih seueur jalma di sakuriling urang anu kurang riksa kana kabersihan jalan. Malahan, aya nu sangeunahna miceun runtah ka jalan.
- Tatangkalan anu ngaganggu tiasa dituar, dipangkas, atanapi dirapihkeun. Sementawis tangkal anu mere mangfaat, seperti tangkal anu jadi pangiuh atanapi pamantes jalan, kedah dijaga.
- Teu meunang sawenang-wenang kana alam jeung tutuwuhan. Sabab, dampak gorengna bakal balik deui ka urang, saperti longsor, banjir, sareng hese cai bersih nalika usum halodo.
- Ulah rek nyapirakeun amal kahadean, sanajan leutik, bade ka sasama muslim, papada manusa, atanapi makhluk. Sebab, Alloh teu ningal leutikna amal tapi ningal dasar kaimanannana.
- Karidhoan Alloh teh dirusiahkeun. Bisa wae amal leutik ngondang kasiridhoan Alloh. Langkung jelasnya, tiasa ditingal kitab Nashoihul Ibad, kagungan Syekh Nawawi, kaca 39.
BACA HALAMAN BERIKUTNYA..